Kuring memang resep kana carita pondok, ti keur leutik sok macaan mangle, maklum Bapa mah leukeun langganan mangle. ngan ayeuna mah geus pangsiun tara pirajeunan anjeunna maca mangle teh. Basa harita Apana Iqbal mawa sababaraha hiji eksemplar mangle, Bapa mani atoheun pisan. kuring ge asa geus lila teu maca karya sunda teh.
tah carpon nu ieu sugan bisa jadi panglipur rasa karya sunda.
Kuring ge teu apal jeung nu ngarangnamah...
Kategori:
Carita Pondok » Dibaca: 635 kali » Dilebetkeun: 31-12-2007
Carpon Wébi Alisan
TEu hayang! Celengkeung deui, sora handaruan meupeus kakeuheul. Si Mamah nu bisaan ngolo téh. Keur kumaha baé kaayaan kuring, anjeunna mah bisa ngigelan rasa haté kuring. Siga ayeuna, nu keur keuheul awahing dipapaksa kudu ngajar. Ari guru téa, euy, lain tukang nganyam bilik atawa palika. Kasebut guru mah, di lembur kuring, tata-titi basa matak gumati, réngkak paripolah kudu dialah. Saeutik codéka goréng salilana. Teu siga garong nu bisa insap tur bisa hirup kumbuh deui sabihara-bihari. Teu gableg cedo kasebutna ari guru gawé cidra mah, cenah. Siga Kang Mumin ku kapaksa kudu ingkah sanajan karék sabulan ngajar di SD lembur kuring, teu pira pédah ngomong “anjing” basa titajong kana batu hareupeun ibu-ibu nu keur silisiaran. Tuh, maenya teu meunang nyebut “anjing”? Padahal aya bungkeuleukanana. Teu nyebut innalillahi atawa astagfirulloh sakali mah cik atuh. Si Entang nu sutan-sétan sapopoé gé taya nu nyaram. Pédah guru nu ngomongna? Tah! Éta salasahijina alesan kuring teu hayang jadi guru!
Éta gé dipisérab ku urang lembur mah, malah teu kudu mirun seuneu ogé cipanas keur kopi-kopi waé mah sok nyampak. Kituna téh diwuwuh beuleum sampeuna. Atuh pabeubeurang mangsa mépés késang, datang ka imah téh dipapag citiis dina kendi. Kétang, éta gé nu lalagasan. Pareng solawatan dina peuting jumaah, sakadang guru mah sok diheulakeun tuangna. Éh, bareng kétang jeung nu mupuhuan du’a. Nu lian mah kapan berekah kabagéan hulu asin gé.
Si Mamah neuteup. Éta gé pedah kuring maling teuteup da ti tatadi ngan tungkul baé. Tungkul téh lain siga bolon nu diwarah ku kolotna, tapi nahan amarah nu méh paburisat. Sajongjongan mah hayang nakol si Bapa nu teu ngarti kahayang kuring.
“Keur naon atuh sakola luhur-luhur ari teu kapaké mah?” saurna. Ah! Ari teu kahatéan mah sakola hukum gé tungtungna mah aya nu jadi tukang ngoméan lédeng. Kacipta mun ku kuring diomongkeun.
“Hoyongna kumaha atuh Ujang téh?” Si Mamah mariksa deuih.
Kuring tungkul. Si mamah ngusap peupeuteuyan dibarung kanyaah nu leleb.
“Hayang di kota? Hah? Rék jadi naon?” Bapa ngocorkeun deui amarah.
Kuring teu wani némpas mun Bapa keur norolang. Aya nu nyungkelit gé disidem wé, tara ieuh kaluar. Kasieun tangtu nyampak mun paréa-réa omong, sieun doraka téa mah, sieun jadi matak mah, jeung nu deukeut mah sieun digaplok. Kapan teu meunang lin ngalawan kolot mah?
Paguneman téh ngan samet kitu poé harita mah. Aéh, kamari géto gé sarua, siga nu béak bahan caritaan. Padahal naon héséna mun ngobrol sual pulitik atawa harega nu nérékél waé. Ari ngamimitian nyarita téh sok méngkol deui kadinya. Teuing kumaha da si Bapa bisaan méngparkeun omongan.
Kuring jeung si Bapa barina gé teu pati deukeut, malah kuring dalit kénéh jeung si Jablay, ucing kameumeut. Tutas ngobrol, si Mamah sok nyampeurkeun si Bapa, teuing ngomongkeun naon. Kuring indit ka dapur mawa ucing tuluy ngerem manéh di kamar bari ngabudalkeun katugenah. Sakapeung mah asa sato nu bisa surti téh, najan méong deui méong deui ménta parab.
š{›
Panon poé meujeuhna dipaké moyan. Panyawah ti tadi geus arindit. Paré usum celetu, hamo kaheuleut sapoé ku patani mah. Keur matak resep nénjo cenah. Nu ngaliwat ka hareupeun imah ukur pamuda-pamuda pangangguran nu taya gadag. Motor bahro patarik-tarik sora knalpot, ngagerung ngagebah récétna manuk nu cinutun dina dahan-dahan tangkal. Hayam bikang nu kokotak waé kasimbeuh kekebul motor. Si belegug téh, mani taya ras-rasan sora motor téh!
Kuring jongjon nyanghareupan cikopi, dibaturan udud. Hiji-hijina kaayaan nu matak nyugemakeun haté téh ngan ieu-ieuna. Lian ti éta mah sangsara!
“Jang, mumuluk heula,” sora si Mamah.
“Engké wé,” cekeng téh. Leungit harti ilang dangiang atuh cikopi panas kasilih ku sangu mah!
Sawangan ngahaja dikencar ka alak paul, nuturkeun haseup roko nu ngelun, tuluy ngagibeg katoél angin hiliwir. Pikir digendir sina iang ninggalkeun bantal nu pinuh ku dahdir. Nyawang mangsa nu meureun kaanjang, kabayang sagala rupa nu salila ieu ngan aya dina kahayang. Meureun teu kudu ngalamun ngahurun balung di dieu. Gawé kapaké, gajih teu jadi rerewih. Hirup cukup hurip lantip. Beu, kahayang geus nepi ka bulan, ari awak ngaréngkol gé. Garo-garo teu ateul tungtungna mah.
“Hoyongna kumaha atuh?” Si Mamah mariksa deui. Udud nu tinggal puntung didedetkeun kana asbak.
“Pokona mah tong jadi guru. Titik!”
“Naha? Ieuh, kacida mulyana jadi guru téh. Sugan wé kaangkat atuh darajat kulawarga urang téh.”
Kuring olohok ngadéngé caritaan si Mamah. Heuheuy, enya kitu? Kuring wani taruhan nu ngangkat darajat mah iwal ti hiji, duit, dua duit, tilu duit. Jadi guru gé ari balangsak mah tetep wé ngantay miharep kartu miskin. Mun geus kitu naon bédana jeung tukang ngala suluh? Atawa purah ditutah-titah? Guru mah hésé néangan lolongkrang niat curaling. Bati ngajualan buku bari maksa gé ngan cukup maseuhan tikoro, teu nepi kana beuteung. Maenya digajih leutik tapi élmu dina uteuk nu sakitu mahalna dimurah-maréh, kacida teuing! Bet éléh ku nu baramaén, ngan modal dampal leungeun sapoé meunang limapuluh réwu! Pasualanna lain rido atawa henteu, tapi ajén. Piraku cabé sakintal dibayar lima rébu perak? Peurih!
“Kaangkat kumaha, Mah?” kuring hayang nyaho sawangan si Mamah.
“Enya, urang téh bakal dipihormat, moal aya nu ngajejeléh.”
Kuring weléh teu ngarti.
Naha si Mamah tara nongton tipi kitu, di dayeuh, dina sinétron, jihat nu ditingalikeun tina guru téh belegug, boloho. Moal lila gé pikiran kitu téh bakal nepi ka lembur. Urang lembur ayeuna téa hayang sagala kota. Hayang jadi masarakat madani cenah. Hayang katempo teu kuuleun mun anjang-anjangan ka kota, béh dituna hayang jadi urang kota. Baréto onaman urang lembur pengkuh kana adatna, ayeuna mah kapan di Baduy gé geus rada ngota. Komo ieu lembur téh lain Kanékés!
“Teu kahatéan,” ngan sakitu nu kedal.
“Ih, jalankeun wé heula. Biasa sabab dipaksa, pan?”
Kuring ukur gideug.
“Atuh naon bédana Ujang jeung si Entang, si Janu ari kitu mah?”
Har, nya béda atuh! Kuring mah lulusan Jurnalistik, si Entang jeung si Janu mah ngan semet ngalamot bangku SD. Écés, pan? Maenya disaruakeun. Capé atuh sakola saluhur-luhur ngan disaruakeun jeung tukang ngangon.
Padahal kahayang mah teu gedé, ngan hayang nyiar cabak di kota. Kagok, bubuhan ti leuleutik jauh ti kolot ayeuna asa salah cagap pédah saimah. Geus biasa ieuh teu disimbutan kanyaah si Mamah, ditangtayungan raga si Bapa. Ngan nya ari si Bapa mah keukeuh sangkan kuring cicing di lembur, teuing honéng pédah tiluwelas taun teu saimah, teuing pédah si Bapa nu umurna tunggang gunung kudu dibaturan. Kuring gé can bisa nangtukeun léngkah ka hareup mun ulukutek di lembur. Éta gé lain teu hayang, ngan hawa kota najan pinuh kokotor geus nyaliara.
Mun seug di kota tempat baheula kuring kuliah aya pagawéan, meureun poé ieu moal aya di dieu, lembur singkur mandala singkah. Orokaya, geus sabaraha puluh lamaran asup ka pausahaan-pausahaan hiji gé taya nu nyanggut. Acan kétang, piraku ari euweuh mah.
Kereteg haté geus masagi rék bubuara di lembur batur, katambah haté mah aya waé di ditu. Sakumaha heurasna pamadegan si Bapa, kuring keukeuh kudu nurut kahayang sorangan. Hayang néang pagawéan ingkig sorangan, capé sorangan, sangkan kuring reueus ku hasil késang sorangan. Usum kitu ngasupkeun kulawargana ka kantor tempat digawéna? Ningali bangsa urang kieu ogé mah, enya, meureun. Sukur ari becus, da ninggang teu belulna matak ngarugikeun batur. Maenya deuih kuring nambahan ngarurucah nagara nu keur meujeuh sagala samporét?
“Émutan deui nya sing tenget, nya?” cék si Mamah bari ngusap sirah.
Kuring ngaluarkeun deui roko sabatang tuluy diseungeut. Nu balawiri ngan barudak SD nu kakara balik ti sakolana.
š{›
MUN ningali deui buku-buku catetan baheula jaman SD, sok seuri sorangan. Ngumbar lamunan mangsa irung kacocok lého, beuheung pinuh ku daki, atawa suku nu bonténgeun. Mun nénjo karét geulang minuhan leungeun, si Bapa sok narik dua siki tuluy dijeprétkeun. Peureus. Geus kitu bagéan si Mamah nu ngupahan. Kahéman si Mamah nu natrat dina haté hamo ilang. Tug nepi ka kiwari umur lima likur kanyaahna teu kendat-kendat. Rajeun pajauh, tapi kanyaah indung ka anak teu unggut kalinduan. Basa mimiti ninggalkeun si Mamah, harita téh rék sakola di lembur Mang Handi, si Mamah méh gogoakan semu beurat papisah jeung kuring.
Ceuk si Bapa mah kuring budak baong. Teuing kumaha patokan si Bapa nu disebut baong téh. Piraku ari gelut ngabéla ucing nu dibabukan kaasup baong? Atawa ngababuk sirah Mang Sueb ku panakol kohkol sabab manéhna nyebut si Mamah ungkluk disebut baong? Teuing ah!
Lembur nu baheula éndah kiwari geus robah. Tatangkalan sisi jalan jeung rupa-rupa sato di leuweung ayeuna mah tinggal waasna. Geus taya paninggaran nu baheula disebut jawara kahot, taya huma nu cenah tatanén pituin sélér urang. Matak teu betah.
Pon kitu pikiran urang lembur ayeuna geus robah. Aya mangpaatna éta gé, tapi teu saeutik mudaratna. Pola pikir nu atah, kagok, kota henteu lembur geus teu merenah. Sagala rupa nu dipaké sapopoé, ayeuna mah kudu ngota. Ti mimiti kadaharan nepi ka baju nu nyangsang na awak. Leuheung mun kabedag, da loba nu bébéakan sagala dijual.
Keur kuring, ah, kop téh teuing! Nu matak keukeuh hayang di kota téh kieu. Di lembur gé pikiranana mah hayang dayeuh, naon héséna sakalian cicing di kota!
Hiji poé kuring digeroan ku si Bapa.
“Diuk. Ayeuna mah pamungkas wé ti bapa mah. Kahayang nu sabenerna kumaha Ujang téh? Teu betah cicing di lembur sorangan?” sidik si Bapa téh apaleun, na maké tatanya.
“Pasualanana sanés betah teu betah, Pa. Tapi, bisa sareng teu bisana. Naon atuh palajaran nu pantes diajarkeun ku abdi? Da mun di sakola diajarkeun jadi wartawan, mangga téh teuing. Kapanan teu aya…”
“Éta mah bisa diusahakeun,” si Bapa motong, “Loba ieuh guru nu ngajar lain palajaran nu disuprih keur kuliahna.”
“Tah éta, Pa,” kuring ngawani-wanikeun manéh, “Nu matak kualitas atikan di urang kacida tinggaleunana téh, éta salah sahijina. Seueur guru nu ngajar palajaran bari manéhna sorangan teu pati apal kana palajaranana. Enya gé tiasa bari dijalankeun, ngan tangtos moal timus upami sangu mah.”
“Nyaho ti mana manéh? Geuning loba nu junun?” pasemon si Bapa semu ambek.
“Enya pan sanggem Ujang gé seueur, henteu ari sadayana mah. Da seueur nu junun alatan kulawarga atanapi lingkunganna, sanés ti sakolana. Sakola di urang mah seueur ogé nu nganggap sakadar butuh salambar kertas kanggo ngalamar. Éta gé teu lepat, da ahirna mah éta nu dijugjug. Mung margi teu timus téa janten di urang mah kualitas pagawé téh angger wé kitu. Bapa gé uninga panginten cék berita bangsa urang mah tinggaleun utamana dina kaélmuan.” asa kaasupan jurig kuring nyarita kitu.
“Éta mah lain salah guru atuh, budakna wé nu teu ngarti.”
Kuring ngarénghap panjang.
“Tiasa waé. Ku naon atuh budakna teu ngarti? Kapan tiasa waé alatan guruna nu teu masagi élmuna atanapi cara ngadugikeunana nu lepat…”
“Maneh téh nyalahkeun guru-guru manéh atuh kitu mah?”
Gunem catur geus rada ngalantur. Tapi si Bapa siga nu panasaran pédah kuring (kakara) nyarita siga kitu. Teuing nyoba atawa mémang si Bapa keukeuh kana kapalayna.
“Henteu. Malah Ujang mah untung tiasa sakola dugi ka paguron luhur. Éta téh kumargi kapungkur dijurung ku guru-guru, dugi ka Ujang maksa ka bapa Ujang kudu kuliah. Tapi si Entang nu baheula sok juara kelas geuning semet kelas opat. Teu kedah madungdengkeun pasualan ékonomi da abdi mah yakin sabenerna masarakat urang mampuh nyakolakeun anakna dugi ka SMA waé mah. Mung kasadaran nu janten pasualan. Upami dicukcruk galurna mah panginten alatan teu merenah diajarna.” kagok asong kuring cacarita. Keun baé teu nyambung gé, nu penting mah hayang mudalkeun eusi haté.
“Geus. Karep manéh wé ayeuna mah.”
Ti harita si Bapa tara tatanya perkara éta. Tara nanya kétang, ari teu penting-penting teuing mah. Taya basa-basi nu ilahar. Enya gé teu pikalucueun, ayeuna mah geus taya bojég. Jungkrang asa beuki longkéwang antara kuring jeung si Bapa, kakaitan budak jeung nu jadi bapana meh teu karasa aya. Ngan si Mamah nu angger téh.
Haté ngarasa simpé ayeuna mah. Simpé kanyaah, simpé paliré ti si Bapa utamana. Kaayaan di imah teu béda jeung lembur nu kakara didatangan. Cagap asa beuki salah, sakalieun paadu teuteup jeung si Bapa sok langsung ngabalieur. Sabenerna si Mamah apal, ngan teu wasa mudalkeun kekecapan ka si Bapa nu pamadeganana geus ngagurat batu.
Ayeuna kuring sok nyorangan di kamar atawa di Cisawér, wahangan tempat pangulinan baheula. Indit isuk balik soré, teu sirikna pagawé kantor. Mun kongang mah sajungjungeun hayang ingkah harita ogé ti lembur, ngan orokaya kapanan keur udud sapopoé ogé sok nyocéng tina bungkus roko si Bapa. Bet kapikiran teu hayang digawé ayeuna mah, geus horéam mikiran itu-ieu jeung sangeuk ungkag-ingkig.
Ningali polah kuring nu kitu, si Mamah sok ngangluh. Lingsem pedah anakna nu sarjana teu baranggawé. Éra ku tatangga majar anak nu pangdipikanyaahna nepi ka poé ieu can bisa makaya dirina sorangan. Beu, sugan téh lulus kuliah bakal pitingtrimeun. Horéng pasualan kahirupan nu sabenerna kakara dimimitian.
***
“BARUDAK, eusian LKS-na. Bapa aya rapat di kantor dinas.” kuring mérésan buku nu patulayah dina méja. Sanggeus rada jauh ti kelas, hawar-hawar kadéngé barudak sarurak.***